Watek Jeung Conto Pupuh

Watek Pupuh

A.Asmarandana:birahi,silih asah.
Conto:
Eling-eling murangkalih (8-i)
Kudu apik jeung berseka (8-a)
Ulah odoh ka panggango (8-o)
Mun kotor geuwat seuseuhan (8-a)
Soeh geuwat kaputan (8-a)
Kanu buruk masing butuh (8-u)
Kanu anyar masing lebar (8-a)

B.Balakbak:pikaseurieun,bobodoran.
Conto:
Nanggung tolok pinuh barang bubuntutan rorombengan (15-e)
Wantu kabeh apekiran rorom botan garoreng (15-e)
Leumpangna teh rada ngigir ngaliekan mendeleng (15-e)

C.Dangdanggula:kabungahan,kaagungan.
Conto:
Laut Kidul kabeh katinggali (10-i)
Ngembat pau kawas dina gambar (10-a)
Ari ret ka tebeh kaler (8-e)
Batawi ngarunggunuk (7-u)
Lautna mah teu katinggali (9-i)
Ukur lebah-lebahna (7-a)
Semu-semu biru (6-u)
Ari ret ka tebeh Wetan (8-a)
Gunung gede kawas nu ngajakan balik (12-i)
Meh bae kapiuhan (7-a)

D.Jurudemung:kaduhung,hanjakal.
Conto:
Bedah anu katempuhan (8-a)
Da bongan ngalajur napsu (8-u)
Peurihna kapanggih (8-i)
Rek bongan-bongan ka saha (8-a)
Ayeuna hati kaduhung (8-u)

E.Durma:ngambek,pasea gelut,perang.
Conto:
Mundur mapan balad Pandawa teu tahan (12-a)
Barisan beuki ipis (7-i)
Digempur kurawa (6-a)
Senapati karma (7-a)
Sakti manggulang-manggulin (8-i)
Hese pantarna (5-a)
Moal aya nu nanding (7-i)

F.Gambuh:tambuh laku,samarpolah.
Conto:
Naghuleng banget bingung (7-u)
Henteu terang kamana ngjugjug (10-u)
Turug-turug harita teh enggeus burit (12-i)
Panon poe geus rek surup (8-u)
Keueng pisan aya meong (8-o)

G.Gurisa:tamba kesel,panganguran.
Conto:
Hayang teuing geura beurang (8-a)
Geus beurang rek ka Sumedang (8-a)
Nagih ka nu boga hutang (8-a)
Mun meunang rek meuli soang (8-a)
Tapi najan heunteu meunang (8-a)
Teu rek buru-buru mulang (8-a)
Rek tuluy guguru tembang (8-a)
Jeung diajar nabeuh gambang (8-a)

H.Kinanti:prihatin,harepan,ngadago.
Conto:
Ceprot dipentang ngagantung (8-u)
Keuna kana anting-anting (8-i)
Kembang gadadak maruntang (8-a)
Sariga bentang tipeuting (8-i)
Harurung gumiwang herang (8-a)
Siwa mah keukeuh teu nyaring (8-i)

I.Ladrang:banyol,heureuy,gogonjakan.
Conto:
Aki Dartam leumpangna ngdidig (10-i)
Gancang pisan 2x (4-a)
Bari aya nu dijingjing (8-i)
Mawa kisa eusina ucing anakan (12-a)

J.Lambang:cara ladrang ngan leuwih motah.
Conto:
Nawu kubang sisi tegal (8-a)
Nyiar bogo meunang kadal (8-a)
Atuh teu payu dijual (8-a)
Rek didahar da teu halal (8-a)

K.Magatru:Nyelang carita,ngeusi prihatin.
Conto:
Nun sumuhun ieu teh namina curuk (12-u)
Nu alit namina cingir (8-i)
Anu panjang mah jajangkung (8-u)
Gigireunnana jariji (8-i)
Anu pangaageung jempol (8-o)

L.Maskumanbang:prihatin,sasambat,nyeri,nalangsa.
Conto:
Jalma kedul mumul ditambah jejerih (12-u)
Ulah ngarep senang (6-a)
Sabab mungguhing rejeki (8-i)
Tara datang teu disiar (8-a)

M.Mijil:susah,sedih cilaka,tiiseun jempling.
Conto:
Rea jalma tapi jempe jempling (10-i)
Teu aya nu ngomong (6-o)
Rereb reureuh ririh rineh repeh (10-e)
Ngan sakapeung aya leungen usik (10-i)
Tapi anteng deui (6-i)
Ukur ngebet buku (6-u)

N.Pangkur:lumampah,napsu,sadia rek perang.
Conto:
Seja nyaba ngalalana (8-a)
Ngitung lembur ngajajah milangan kori (11-i)
Henteu puguh nu dijugjug (8-u)
Balik paman sadaya (7-a)
Nu ti mana tiluan semu rurusuh (12-u)
Lurah begal ngawalonan (8-a)
"Aing ngaran Jayapati" (8-i)

O.Pucung:piwuruk,wawaran,kaget,eling.
Conto:
Estu untung nu bisa mupunjung indung (12-u)
Jeung nyenangkeun bapa (6-a)
Tanda yen bajagna gede (8-e)
Hirup mulus kaseundeuhan ku berekah (12-a)

P.Sinom:gumbira,senang.
Conto:
Warna-warna lauk empang (8-a)
Rea nu sami jeung pingping (8-i)
Ngagulung patumpang-tumpang (8-a)
Retna Rengganis ningali (8-i)
Sagala lauk cai (7-i)
Lalawak pating suruwuk (8-u)
Sepat pating kocepat (7-u)
Julung-julung ngajingjing (8-u)
Deukeut balong balingbing (8-i) balungbang (12-a)

Q.Wirangrong:era,wirang,apes,rugi.
Conto:
Jalma nu resep ngaluis (8-i)
Lumrahna resep ngaleos (8-o)
Ngan pacuan resep ngusut (8-u)
Komo mun resep ngajurit (8-i)
Teu aya batan basaan (8-a)
Sagala siger tengahan (8-a)


asli bikinan urang sunda..!ini mungkin salah satu cara untuk melestarikan kekhasan urang sunda..

Kirim saran ya...
 

0 Saran: